Minggu, 03 April 2011

Weureu

Carpon : M. Arsya

"Cik bere kasempetan atuh Mamah teh Pa, sakali wae mah."
Pamajikan Darta nyarita rada muncereng kasalakina.
"Ih, rek lalajo naon sih ... berita gosip selebritis, telenovela ...bosen nempona oge kitu deui kitu deui."
Pamajikannana ngajengkat indit, ningali salakina malik nyengor teh .
Darta jongjon ngabandungan siaran berita pasosore, leungeunna pageuh nyekel remote kontrol, chanel TV tuluy digulak-gilek ka saban stasion TV nu nyiarkeun warta berita.
" Meni euweuh kabosen kana berita teh, teu isuk teu sore, cukup atuh tina maca koran jeung majalah oge."
Pamajikannana kadenge kukulutus bari brang breng brong di dapur.
Darta norek, kalahka narikan volume sora TV nepi ka kadenge ka dapur tarik pisan .
Kalakuan Darta kitu teh geus ampir aya kana dua taunna, nya ti saprak reformasi bae. Manehna anu biasa tara ieuh paduli kana berita, ayeuna jadi jiga katagihan . Ari ku pamajikannana dielingan, ih batan ngadenge kalahka malik mamatahan dianggapna pamajikannana teu peka kana jaman cenah .
" Cik atuh Pa, tuh jiga batur jeung kulawarga teh mani romantis, pasosore jalan-jalan, peupeuriheun baheula barudak laleutik keneh, ulah hayoh wae ngurus nu teu pararuguh, pulatak-pulitik, leuheung mun matak beunghar mah, sapoe teu ngadenge berita mah moal matak bodo meuren .”
Hiji mangsa pamajikannana menta perhatian ka Darta.
Ngadenge pamajikannana kitu, Darta lain ngarti kalahka nyel ambek pedah disebut teu pararuguh meureun, terus nyarekan ka pamajikannana.
" Lain jamanna atuh ayeuna kudu roromantisan mah, kaayaan masarakat keur sakieu tagiwurna, lain mikiran pikahareupeun, kudu ... nyaho inpormasi, ulah katinggaleun ku batur ..."
Darta jadi tuluy pidato, pamajikannana cicing ngarasa reuwas ningali salakina jadi kitu .
* * *
Hiji poe.
" Pa inget henteu tanggal sabaraha ayeuna ?"
Darta nangtung muru kalender .
" Lima Januari, naha aya naon tatanya tanggal sagala, pan duit gajih geus dibikeun ?"
" Tuh nya, maenya poho ."
" Enya naon atuh ?"
" Apan tanggal ayeuna teh, ulang taun perkawinan urang anu ka genep welas , piraku poho, biasana oge Bapa nu inget malah sok ngajak sukuran sagala."
Darta ngahuleng sakeudeung.
" Sugan aya duit nyesa Mah, urang pake ngariung sukuran engke bada Isa, sa RT eun wae biasalah."
Pamajikannana daria pisan ngadenge maksud Darta ngajak sukuran teh, di jero pikirna sugan wae jampe ti Pa Ustad bisa makbul meruhkeun salakina jiga baheula deui, gede perhatian ka kulawarga, romantis, sok ngelehan jeung eta teu nyandu kana berita pulitik .
Harita keneh gidig ka pasar rek balanja sasadiaan engke peuting, teu poho ngabejaan tatanggana ngondang sakalian menta dibantuan masak .
* * *
Darta di kampung eta mah geus jadi sabiwir hiji, manehna aktifis salah sahiji partey pulitik, nya puncakna motah mah mangsa Pemilu taun kamari, manehna kamana-mana teu weleh make atribut partey saperti topi, rompi, emblem jeung sajabana.
Ka pagawean, ka masjid, panto imah mah geus rimbil ku stiker jeung pamplet, bari jeung saukur pagawe pabrik pangkat mandor manehna teu eleh ginding ku para caleg ti partai sejen .
Kulawarga dipaksa make kaos partai, bandera partai dipasang pangluhurna jeung panggedena, poto kulawarga nu dipasang di rohang tamu dicoplokkeun diganti ku poto ketua partai, poster katut kalender partai .
Di buruan imahna ngahaja dipasangan tenda, meja jeung korsi, sekretariat atawa posko konsolidasi samentara maksudna mah, ngabelaan pamajikannana moe papakean di buruan batur.
Basa ti anak cabang mere jatah keur jadi caleg, manehna teu miceun kasempetan, malah nepi ka nangtang sagala ... sing saha anu maksud jadi caleg kudu idin heula ka manehna, kasarna mah adu hareupan heula.
Dinu waragad teu sirikna boborot atuh, motorna hayoh digeber dipake kampanye, bengsin meuli sorangan, ka koperasi jeung ka bank atawa sakur ka nu wawuh nganjuk ngahutang, demi partai dedikasi atawa pengorbanan mah wajib pikirna .
Nepi ka pamajikannana sababaraha kali menta talak, ningali salakina tara balik unggal poe mimilu rapat partai, rapat akbar, pidato, kampanye nepi ka poho mere balanja ka kulawarga .
Ngan saprak partaina eleh pemilu jeung manehna teu kapilih jadi caleg atuh Presiden geus resmi dipilih ku MPR, babaturannana geus balik deui kana kahirupan sabiharina, ceuk basa elit tea mah suhu pulitik geus tiis. Darta rada betah cicing di imah, ngan teu saratus persen poho kana aktifitas pulitikna mah, jigana adu debat jeung pidatona mah geus ngadarah daging, da eta wae unggal aya issu pulitik atawa aya kajadian naon wae ngeunaan pamarentahan, manehna ngahaja nembongkeun sikep kritisna.
Badis, jiga wae pengamat pulitik nu sok midang dina TV, mun geus hayang orasi jeung debat tara pulah pilih tempat, teu paduli rek di warung, di masjid, di pagawean atawa ngahaja ngondang, lamun henteu nganjang ka baturna, husus ngabahas isu anu keur aktual ceuk istilah manehna mah .
* * *
Bada Isa .
Samak geus diamparkeun, korsi-korsi tamu geus dikaluarkeun, lomari dikasisi-sisikeun, sawareh tatanggana geus dariuk di jero imah ngawaradul bari arudud .
Teu kungsi lila imah darta geus pinuh, Ustad Haji Maman diuk sagigireun Darta, tuluy nepak pingping Darta lalaunan isarah maksudna mah supaya acara gancang dimimitian.
" Rupina tos teu aya deui anu diantos nya ?"
Darta luak lieuk ngayakinkeun yen euweuh deui tamu nu ditungguan, laju harita keneh darta muka eta acara.sakumaha biasa nu rek sukuran ngan palebah sambutan atawa bubuka, sanggeus nganuhunkeun ka nu hadir dina sukuran ulang taun perkawinan teh manehna teu langsung mere waktu ka Pa Ustad, ngadon tuluy pidato pulitik, di jero pikirna ieu momentum nu merenah pikeun ngaluarkeun ideu-ideu jeung pamadegan manehna ngeunaan kaayaan pamarentah jeung kondisi nagara dina mangsa kiwari.
Malah make aya acara diskusi jeung debat terbuka sagala, mana anu pro jeung anu kontra ka pamarentah ku manehna ngahaja ditangtang sina nyarita. Majarkeun teh pendidikan pulitik ieu mah, ayeuna mah jaman keterbukaan cenah, demokratis, jadi masarakat kudu kritis ulah jiga jaman Orba baheula .
Teu karasa aya kana tilu jamna eta orasi jeung diskusi teh, sawareh tatamu aya nu nundutan, aya nu ngahaja kaluar alesannana mah neang hawa seger da di jero mulek ku haseup roko .
Pamajikannana geus bulak-balik ngeusian teko kopi jeung roko dina gelas.
Ningal kitu Darta jigana mah kakara sasar, pedah kareret Ustad Hanji Maman diukna teu daek cicing .
" Ayeuna mangga dikawitan bae sukuran teh Pa Ustad. "
Ustad Maman kalahka nyengir tuluy ngagupayan Jang Otong alona, menta dibantuan nangtung .
" Aduuuh ... hampura Jang darta, Bapa mah teu kaop diuk lila teuing, ieu incok sok karasa, aaaduuuh ..."
Ustad Haji maman humarurung .
" Ayeuna mah hempek wae teruskeun acarana ... Bapa mah teu kuat nangtung-nangtung acan ... da teu puguh ngadu'a bari ngararasakeun kanyeri mah, sakali deui hampuranya Jang Darta."
Ceuk Ustad Haji Maman nyaritana bari renghap ranjug nahan kanyeri.
Darta ngahuleng teu bisa ngomong, jigana mah cape manehna oge geus pidato tilu jam tea lain waktu sakeudeung .
Harita Jang Otong jeung sababaraha urang tatanggana ngagotong Haji maman kaluar ti imah Darta. Ampir kabeh anu hadir didinya oge tungtungna mah milu balik, bareng jeung kaluarna Haji Maman, tinggal sababaraha urang wae anu cicing di jero mah bubuhan eta oge geus karerek mani patembalan .
Hawar-hawar kadenge ku Darta tamuna kukulutus bari indit.
" Hanas ngahaja ngosongkeun beuteung sugan teh rek gancang dibere dahar, wayah kieu dibere pidato pulitik mah batan ngarti kalahka matak weureu ...!!".


Cileunyi, 2000

Tidak ada komentar:

Posting Komentar